Dongeng Sunda, Balap Melak Cau

3/23/2019
Halo Pelanggan Rajasoal.com- Dongéng Sunda, Balap Melak Cau
 
Hiji Poé, Sakadang Kuya keur moyan di sisi wahangan.
 
Sabot kitu, torojol sobatna, Sakadang Monyét nyampeurkeun bari ngomong.
 
“Éh, Sakadang Kuya, urang balap melak cau yu!, urang bareng melak binihna, nu pangheulana buahan éta nu meunang.”
 
Sakadang Kuya ngawalon, “Na aya kitu binihna?”
 
“Aya, nu kuringmah binihna gé jantung cau, ngarah babari jadi buahna.” Ceuk Sakadang Monyét.
 
Ngadénée Sakadang Monyét nyarita kitu, Sakadang Kuya mikir, tapi teu loba nyarita.
 
Sanggeus asak badami, bral duanana muru ka kebon. Sakadang Monyét tuluy melakkeun jantung cau. 
Ari anu dipelak ku sakadang kuya mah tangkal cau anakna.
 
Sanggeus sababaraha waktu lilana, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét arindit ka kebon rék néang pepelakanana.
 
Kasampak tangkal cau anu dipelak ku Sakadang Kuya geus gedé, malah geus aya jantungna, tangtu sakeudeung deui dapat kaala buahna.
 
Ari jantung cau nu dipelak ku Sakadang Monyét mah boro-boro jadi tangkal.
 
Waktu Sakadang Monyét ngoréhan taneuh lebah pepelakan manéhna, kasampak jantung cau téh geus buruk.
  • Dalem Boncel
    Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunn ...
  • Sasakala Majalengka
    Taun 2017 téh umur kota Majalengka nincak ka 527. Ditilik tina umurna da ...
  • Si Kabayan Moro Uncal
    Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, karena poé éta mar ...

0 comments