Siki waluh dikarungan
Boga sendal dua warna
Ari sirah ditiungan
Bujalmah kamana-mana
Meulah awi na bukuna
Diraut ngarah teu seukeut
Awéwé jaman ayeuna
Maké baju siga leupeut
Salawé mah dua lima
Meuli céngék dua siki
Awéwé jaman ayeuna
Loba nu siga lalaki
Aya santri ti ciamis
Hanjakal rambutna coklat
Aya istri meuni geulis
Hanjakal teu daék solat
- Home
- Sisindiran
- Sisindiran Paparikan
- sisindiran piwuruk
- Sisindiran rarakitan
- Sisindiran Keur Barudak Awéwé
Sisindiran Keur Barudak Awéwé
Related Post
- Batu kali dina cai Dina cai aya hurang Punten abdi sanes ahli Sepi harti ...
- Dari pada ngomé koréng Mending urang pelesiran Dari pada ngomong goréng ...
- Ngala kuya jeung mang Uda Ngala hurang jeung mang Diran Héy baraya ...
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
0 comments