Sisindiran Urang Sunda : Sésébréd Atawa Banyol

2/27/2019
Kaso pondok osok nyogok
Kaso panjang osok nyugak
Anu pondok jadi orok
Anu panjang jadi budak

Cau naon cau naon
cau kulutuk di huru
Bau naon amis naon
amis nu hitut di juru



Cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung

Lima kirang tilu dua
nu ngitung tos bener deui
Waos tilu punglak dua
sisana tos ungger deui

Meuleum manggu tengah poé
dicokélan korek api
Malem ahad ninggang sué
diapélan aki-aki

Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyénghol katémbong
lamun ngomong amis jigong

Neng Lela adi neng Dora
Jalan-jalan ka Malongpong
Baheula nini téh ngora
ayeuna mah enggeus ompong

Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
da kadempét étanana

0 comments