Sisindiran Silihasih

2/27/2019
Ka talaga naek onta
naekna paheula heula
wilujeng kasadayana
hayu sisindiran heula

Jarami na tangkal kawung
diduruk henteu disundut
upami si nyai pundung
baledog wae ku simbut



Nyandak leunca ti cibeureum
dipasihan ti uwana
Soca teu tiasa peureum
Emut wae ka manehna

Ka tonggoh rek ka uwana
Huhujanan sasarengan
Na kabogoh anu mana
Apanan nuju nyorangan

Kamari meser gorengan
Gorenganna dijepitan
Sugan teu acan tunangan
Singhoreng teh tos rimbitan

Entong hayang ka cikajang
dijalanna loba tunggul
tong hayang ka itu mojang
sabab sirahna teh dugul

Di cikajang loba tunggul
tunggul taringgul jeung batu
mojang nu sirahna dugul
siganamah loba kutu

Naek kijang naek kuda
cenah mah ngarasa aneh
arek mojang arek randa
eta mah sarua keneh

Ngieun kohkol keur ngaronda
ngieunna basa di Bandung
kamana eta nyi randa
diapelan kalah pundung

pasisiang ka ciloa
tos ngajemput anu ulin
palangsiang boa boa
tos dijemput kunu lain

ngaronda mawa mantega
mantega bawa ti kota
nyi randa aya ku tega
beut tega ngabagi cinta

ka cimende meuli bubur
kade ulah ditinggalkeun
wargi-wargi ulah ibur
indungna bisi apaleun

0 comments