Sisindiran Sésébréd

2/26/2019
Leuleumpangan meuli timun

Meulina ka panyingkiran

Dari pada urang ngalamun

Mending heureuy sisindiran

….hayu atuh! Prung ah!....



Cikur jangkung jahé konéng

Lampuyang pamura beuteung

Rarasaan jangkung konéng

Sihoréng bureuteu hideung

…..éta geuning ngakunya ayeunamah….



Cau naon cau naon

Cau kulutuk di huru

Bau naon wangi naon

Bau nu hitut di juru



écét écét oét oét

Barudak ngarurek belut

Kapélét kuring kapélét

Kuranda nu gedé hitut



Ngala awi dua tangkal

Ngalana bari dibedol

Hanjakal meuni hanjakal

Geulis-geulis wangi jengkol



….Aduh aya nu hitut na gedé wangi jengkol, diukna di juru, cung saha éta téhnya?…..



Cikaracak ninggang batu

Dina batuna aya oa

Pulang anting hanyang nyatu

Tapi éra kumitoha



Hayu aki urang ngecrik

Ulah poho mawa émbérna

Kunaon aki beut ceurik

Hayang nyusu ka ninina



…..Alah si akang jorang euy…..



Lantéra lampu lantéra

Dikumbah diberesihan

Hampura atuh ahmpura

Ngan saukur sisindiran



Boboko ayakan pétot

Papais teu dibitingan

Nini-nini nu geus péot

Diais kalah ngisingan



….aduh ari si akang nini diais?……

0 comments