Sisindiran Rarakitan

2/28/2019
Foto : sisindiransunda.wordpress.com

Hayang ulin ka mang Diran
Hanjakal poho imahna
Hayang nyieun sisindiran
Hanjakal telat mikirna

Aya santri di masigit
Hanjakal  butut bajuna
Aya istri jangkung alit
Hanjakal bau badanna




Kuring hayang  rujak hiris
Teu dapat ngasakanana
Kuring hayang kanu geulis
Teu dapat ngakalanana

Sok hayang ngilu ngaronda
Sok hayang nyaho tirisna
Sok hayang heurey jeng randa
Sok hayang nyaho geulisna






0 comments