Sisindiran Piwuruk Atawa Naséhat

2/27/2019
Ngala kuya jeung mang Uda
Ngala hurang jeung mang Diran
Héy baraya urang sunda
Hayu urang sisindiran


Rujak cikur rujak bebek
Loba nu rék ngadaharna

Jalma nu sok gedé ambek
Bakal kaduhung ahirna

Ka Ema silaturahmi
Teu hilap nyandak seupaheun
Jalma nu alus budi
Pasti loba nu resepeun


Lamun ulin ka Talaga
Balikna sok barangbawa
Lamun urang hayang surga
Jalanna nyaeta takwa


Ka pasar mésér ragaji
Ragajina tinggal dua
Boga budak pinter ngaji
Nu reueus niscaya kolotna


Ka warung meuli katuncar
Sakalian meuli jahé
Mun budak kedul diajar
Hanjakalna ke geus gedé

0 comments